Gawé Bareng Ékonomi Asia Pasifik
Negara-negara Anggota | ||
Lokasi Sekretariat | Singapura | |
Jenis | Forum ékonomi | |
Negara Anggota | 22 | |
Pengarah Eksekutif | Colin S. Heseltine | |
Didirikan | 1989 | |
Website Resmi | http://www.apec.org/ |
APEC wancahan tina Asia-Pacific Economic Cooperation atawa Gawé Bareng Ékonomi Asia Pasifik nyaéta forum ékonomi 21 nagara di Lingkar Pasifik anu tujuanana keur mageuhan tumuwuhna ékonomi, ngaraketkeun tali mimitran antara komunitas, ngajurung laku perdagangan bebas di sabudeureun wilayah Asia-Pasifik.[1] APEC diadegkeun taun 1989 salaku réspon tumuwuhna interdepéndénsi ékonomi nagara-nagara Asia-Pasifik jeung gumelarna blok dagang sadunya; sieun Jepang ngamonopoli kagiatan ékonomi di sabudeureun Asia-Pasifik, ngadegkeun pasar anyar dina widang agrikultural, jeung bahan atah ti luar Eropa.[2]
Rapat taunan APEC diluuhan ku pupuhu pamaréntahan ti sakabéh nagara anggota APEC iwal Taiwan (diwakilan ku Mentri Tionghoa Taipei salaku pupuhu widang ékonomi). [3]Lokasi rapat dirotasi unggal taun di antara nagara anggota kalawan sakabéh pamilon kudu ngagunakeun baju adat traisional anu pinilih ti nagarana séwang-séwangan.
Sajarah édit
Bulan Januari 1989, Perdana Menteri Australia Bob Hawke ngusulkeun diadegkeun gawé bareng ékonomi anu leuwih éféktif antara nagara di wilayah Asia-Pasifik. Ieu kamandang téh lajuning lakuna musawarah munggaran APEC di ibukota Australia, Canberra, kalawan dipikanyaho ku Menteri Luar Negeri Australia Gareth Evans. Ieu rapat diluuhan ku menteri ti 12 nagara anu satuluyna nyieun jangji atawa komitmen ngayakeun lawungan taunan di Singapura jeung Korea Selatan.
Nagara-nagara ti Asia Tenggara (ASEAN) teu panuju malah ngusulkeun Kaukus Ekonomi Asia Wétan anu teu diasupkeun nagara non-Asia saperti Amerika Serikat, Kanada, Australia, jeung Selandia Baru. Ieu usulan téh ditolak ku nagara-nagara Amérika jeung ditentang ku Jepang jeung Amerika Serikat.
Lawungan mimiti Rapat Ekonomi Pamingpin APEC diayakeun dina taun 1993 waktu Présidén Amerika Serikat Bill Clinton. Sanggeus badami jeung Perdana Menteri Australia Paul Keating, ngangkir para pupuhu pamaréntahan keur ngaluuhan lawungan Pulau Blake. Clinton miharep, ieu léngkah téh mangrupa lajuning laku tina négosiasi Uruguay Round anu geus lila mandeg. Dina rapat, para pamingpin ngusulkeun ngurangan batasan-batasan dagang, invéstasi, mitembeyan visi komunitas di wilayah Asia-Pasifik anu bisa ngarojong karaharjaan ku cara gawé bareng. Antukna, diadegkeun waé pusat Sekretariat APEC di Singapura keur ngokolakeun rupa-rupa kagiatan ieu organisasi.
Dina lawungan taun 1994 di Bogor, Indonesia, para pamingpin APEC ngadopsi Bogor Goals Archived 2017-01-26 di Wayback Machine anu tujuanana keur ngarojong kagiatan dagang jeung invéstasi di Asia-Pasifik anu dimimitian taun 2010 keur ékonomi industri jeung taun 2020 keur kamekaran ékonomi.
Taun 1995, APEC ngadegkeun badan konsultan bisnis nu dingaranan APEC Business Advisory Council (ABAC), nu kawangun ku tilu éksékutif bisnis ti sababaraha nagara anggota.
Bulan April 2001, APEC gawébareng jeung lima organisasi internasional séjénna (Eurostat, IEA, OLADE, OPEC jeung UNSD) keur medalkeun Joint Oil Data Exercise, anu ayeuna dingaranan Joint Organization Data Initiative (JODI).
Anggota APEC édit
Kiwari, APEC miboga 22 anggota, lolobana ti nagara anu miboga garis pantai Samudra Pasifik. Keur kaanggotaaan, APEC ngagunakeun istilah ékonomi anggota lain nagara anggota.
Nama Anggota | Tahun Diterima |
---|---|
Australia | 1989 |
Brunei | 1989 |
Kanada | 1989 |
Indonesia | 1989 |
Jepang | 1989 |
Citakan:Country data Korea Selatan | 1989 |
Malaysia | 1989 |
Citakan:Country data Selandia Baru | 1989 |
Citakan:Country data Filipina | 1989 |
Singapura | 1989 |
Thailand | 1989 |
Citakan:Country data Amerika Serikat | 1989 |
Citakan:Country data Republik Tiongkok | 1991 |
Hong Kong | 1991 |
Citakan:Country data Tiongkok | 1991 |
Citakan:Country data Meksiko | 1993 |
Citakan:Country data Papua Nugini | 1993 |
Chili | 1994 |
Peru | 1998 |
Rusia | 1998 |
Vietnam | 1998 |
Mongolia | 2013 |
Konferensi Tingkat Tinggi (KTT) APEC édit
KTT APEC diayakeun unggal taun di nagara-nagara anggota. Panglawungan munggaran organisasi APEC diayakeun di Canberra, Australia dina taun 1989.
APEC ngahasilkeun "Deklarasi Bogor" dina KTT 1994 di Bogor anu tujuanana keur nurunkeun béa cukai nepi ka nol jeung lima persén di lingkungan Asia Pasifik keur nagara maju dina elatna taun 2010 jeung keur nagara mekar dina elatna taun 2020.
Dina taun 1997, KTT APEC diayakeun di Vancouver, Kanada. Kontrovérsi tina ieu kagiatan nyaéta polisi nu ngagunakeun bubuk lada keur nu ngadémo Soeharto nu masih kénéh ngajabat présidén Indonesia harita.
Dina taun 2003, pupuhu organisasi Jemaah Islamiyah Riduan Isamuddin alias Hambali ngararancang serangan kana lumangsungna KTT APEC di Bangkok, Thailand. Hambali ditéwak di kota Ayutthaya ku polisi saméméh ngalaksanakeun éta serangan.
Dina taun 2004, Chili jadi nagara Amerika Selatan munggaran anu jadi tuan rumah KTT APEC.
Tabel KTT APEC édit
Tumbu ka luar édit
- (Basa Inggris) Situs resmi
- (Basa Inggris) Deklarasi Bogor Archived 2010-11-04 di Wayback Machine
- (Basa Inggris) APEC 2008 lodging in Lima-Peru Archived 2014-02-21 di Wayback Machine
- Vergleich Stromanbieter Günstig
Rujukan édit
- ↑ Member Economies - Asia-Pacific Economic Cooperation. Apec.org
- ↑ CHAPTER 5, Back to Canberra: Founding APEC
- ↑ Conditions not right for APEC attendance: Ma. The China Post (2013-08-27)
- ↑ "Jimbaran Jadi Lokasi KTT APEC 2013". Republika. Diakses tanggal 2011-03-14.