Tatakrama basa Sunda
Tatakrama basa Sunda nyaéta ragam basa Sunda (diksi) anu dipaké atawa dipilihna dumasar kana kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana.
Istilah tatakrama basa Sunda numutkeun hasil Kongrés Basa Sunda taun 1988 di Cipayung, Bogor, dipaké pikeun ngagantikeun istilah undak-usuk basa Sunda. Alesanana nyaéta lantaran undak-usuk basa awalna dimaksudkeun salaku panta-panta basa pikeun ngabédakeun kaayaan sosial masarakatna. Sedengkeun tatakrama basa Sunda dimaksudkeun pikeun silihormat jeung silihajénan.
Basa hormat jeung basa loma édit
Sahanteuna aya dua ragam dina tatakrama basa Sunda, nyaéta basa hormat jeung basa loma. Basa hormat umumna dipaké dina suasana resmi, nyarita jeung nu dipihormat, ogé nyarita jeung nu can wanoh. Sedengkeun basa loma umumna dipaké dina suasana loma atawa jeung batur nyarita nu geus loma.
Basa kasar édit
Sabenerna aya hiji deui ragam basa Sunda, nyaéta basa kasar atawa garihal. Ragam basa ieu sok dipakéna sawaktu keur ngambék, nyarékan, paséa, ngécé, atawa ka sato. Tangtuna lantaran kasar, ragam basa ieu teu kaasup kana tatakrama.
Kecap-kecap utama édit
Gaganti ngaran édit
loma | hormat ka sorangan | hormat ka batur |
---|---|---|
akang | akang | engkang |
kuring / déwék / urang | abdi / sim kuring | ... |
kuring saréréa | abdi sadayana | ... |
manéh / hidep | ... | anjeun |
manéhna | ... | anjeunna |
pribadi | pribados | ku anjeun |
sorangan | sorangan | nyalira |
Pancakaki édit
Babagian awak édit
Pakéan édit
Nu di imah édit
Kaséhatan jeung nu karasa ku awak édit
Nu karasa ku haté édit
Kaluar tina awak édit
loma | hormat keur sorangan | hormat keur batur |
---|---|---|
ciduh | ciduh | ludah |
cikiih | cikahampangan | cikahampangan |
cipanon | cipanon | cisoca / ciséér |
késang | késang / karinget | karinget |
tai | kokotor | kokotor |
utah | utah | luga |
Nuduhkeun tempat édit
Waktu édit
Pagawéan awak édit
Lalampahan édit
Atikan, gawé uteuk, jeung sasauran édit
Méré jeung nyokot édit
Agama / ibadah édit
loma | hormat keur sorangan | hormat keur batur |
---|---|---|
aji / ngaji | ngaji | ngaos |
buka (puasa) | buka | bobor |
bulan puasa | sasih siam | sasih siam |
lebaran | boboran siam | boboran siam |
puasa | puasa | saum |
salat / solat | sambéang | netepan |
wulu / wudu | wulu / wudu | abdas |
Laki rabi édit
Citakan:Tatakrama manusa masarakat
Kecap pagawéan lainna édit
Ukuran jeung kumpulan édit
Nuduhkeun kaayaan édit
Kecap barang lainna édit
loma | hormat keur sorangan | hormat keur batur |
---|---|---|
asal | kawit | kawit |
astana | pasaréan | pajaratan / makam |
bukti | buktos | buktos |
gogoda / cocoba | cocoba | cocobi |
hal / perkara | perkawis | perkawis |
idin | widi | widi |
kutu | kutu | puntang |
minyak | lisah | lisah |
récéh | récéh | artos alit |
sawah | sawah | sérang |