Perang Hattin (4 Juli 1187 M;Ramadhan 537 H) nyaéta perang anu dilaksanakeun di daérah Hittin (deukeut Tiberias) antara pasukan salib jeung pasukan muslim.[rujukan?] Pasukan salib dipingpin ku Guy de Lusignan, sedengken pasukan Muslim dipingpin ku Salahuddin Al-Ayyubi[1]. Pasukan Muslim meunang telak dina ieu perang.[rujukan?] Guy de Lusignan dijadikeun tawanan perang, sedengkeun Raynald de Chattilon diéksékusi ku Salahuddin[1].[rujukan?] Perang ieu jadi moméntum pikeun ngarebut Yerusalem ti pihak pasukan salib.[2]

Perang Hittin
Bagian ti Perang Salib

Ilustrasi Perang
Tanggal4 Juli 1187
LokasiHittin, deukeut Tiberias
HasilAyyubi Meunang Mutlak
Nu perang
Kerajaan Yerusalem
Ksatria Templar
Ksatria Hospitaller
Ordo Santa Lazarus
Kepangeranan Antiokhia
Ayyubi
Komandan
Guy de Lusignan #
Raymond III dari Tripoli
Balian ti Ibelin
Gerard de Rideford #
Raynald de Chattilon #
Salahuddin
Kakiatan
20,000 men30,000 pasukan
Korban
17,000 pasukanSaeutik

Kasang Tukang

édit

Raynald de Chattilon kasohor minangka raja anu telenges ka rahayatna, leuwih-leuwih ka kaum muslimin mah.[rujukan?] Ieu hal kabuktian ku sumpahna anu nétélakeun yén manéhna bakal ngaluarkeun Nabi Muhammad ti makamna, tuluy rék ngancurkeun Ka'bah jeung hajar aswad[3]. Ku kituna, Salahuddin sumpah yén manéhna bakal néwak tuluy ngaéksékusi Raynald ku sorangan.[rujukan?] Teu lila ti harita, Salahuddin nyerang Bénténg Kerak anu dijaga ku Reynald.[rujukan?] Tapi ieu perang teu kalaksana ku sabab ngajukeun gencatan senjata.[3]

Dina taun 1187 M, Karavan muslim anu mawa barang-barang saperti emas jeung perak berangkat ti Kairo ka Damaskus.[rujukan?] Lantaran aya gencatan senjata, karavan muslim ngarasa aman.[rujukan?] Nalika rombongan nepi di bénténg Kerak, pasukan salib anu dipingpin Raynald nyerang rombongan karavan.[3] Sakabéh pasukan dipaéhan, harta anu dibawa ogé dirampas, sarta loba anu dijadikeun tawanan, kaasup adi awéwéna Salahuddin.[rujukan?] Ieu hal nyababkeun Salahuddin ambek, tuluy ngirimkeun surat ka pihak Guy, salaku raja Yerusalem supaya sakabéh harta jeung tawanan dipulangkeun deui kalawan salamet.[rujukan?] Tapi ieu surat diréspon goréng ku pihak Raynald.[rujukan?] Ku kituna Sultan Salahuddin milih perang jeung Karajaan Yerusalem.[3]

Référénsi

édit
  1. a b Britannica. Perang Hattin (diaksés tanggal 11 Juli 2015)
  2. Republika Online-Pasukan Slahuddin Mengepung Yerusalem (diaksés tanggal 11 Juli 2015)
  3. a b c d Mochammad Novaldy.Perang Hattin 1182 (artikel) (diaksés tanggal 11 Juli 2015)