Al Qiyamah
القيامة
Informasi
GolonganMakiyyah,
Surah ka75
JuzJuz 29
Waktu turun wahyu31 [1]
Statistik
Jumlah ayat40 ayat
Jumlah kecap199
Jumlah aksara352 [2]

Surat Al Qiyamah (Arab: القيامة, "poé Kiamat") nyaéta surat ka-75 dina Al Qur'an. Ieu surat kawengku 40 ayat, kaasup golongan surat Makkiyah sarta diturunkeun sabada surat Al Qori'ah. Kecap Al Qiyamah (poé kiamat) dicandak tina kecap Al Qiyamah nu aya di mimiti ieu surat.

Eusi Poko ieu Surat édit

Eusi pokok ieu surat, di antarana:

  • Alloh SWT ngécéskeun huru-hara kiamat, pastina kiamat, wawales pikeun amal sakabéh.
  • Adab ngadangukeun wahyu (ayat suci Al Qur'an).
  • Ngingetkeun waktu panggih jeung nempo Pangéran.
  • Iber pakait jeung sakarat.
  • Negeskeun kawasana Alloh ngahirupkeun nu maot.

Ayat jeung tarjamah édit


لاَ أُقْسِمُ بِيَوْمِ ٱلْقِيَامَةِ(1) Kaula sumpah ku poé kiamat.
وَلاَ أُقْسِمُ بِٱلنَّفْسِ ٱللَّوَّامَةِ(2) Jeung Kaula sumpah ku jiwa nu kuciwa.
أَيَحْسَبُ ٱلإِنسَانُ أَلَّن نَّجْمَعَ عِظَامَهُ(3) Naha manusa nyangka, yén Kami teu bisa ngumpulkeun (deui) tulang taléngna.
بَلَىٰ قَادِرِينَ عَلَىٰ أَن نُّسَوِّيَ بَنَانَهُ(4) (Enya) Kami kawasa pikeun ngéntépkeun ramo-ramona kalayan sampurna.
بَلْ يُرِيدُ ٱلإِنسَانُ لِيَفْجُرَ أَمَامَهُ(5) Malahan manusa téh, teterusan nyieun dosa.
يَسْأَلُ أَيَّانَ يَوْمُ ٱلْقِيَامَةِ(6) Tumanya naha iraha poé kiamat.

Tadabbur jeung Tadzakkur édit

Alloh SWT dina ieu surat sumpah ku poé kiamat jeung jiwa nu bakal hanjelu (handeueul) kana laku lampah nu nirca.[3]

Rujukan édit

  1. Mushaf al-Madinah an-Nabawiyah (bi-Riwayah Hafsh). Madinah: Mujamma' al-Malik Fahd li-Thiba'ah al-Mushaf asy-Syarif. Halaman Ba'
  2. Bashair Dzittamyiz Fi Lathaif al-Kitab al-Aziz, al-bab al-awwal at-thorf ats-tsany a-mawaqif, bashirat fi لا أقسم بيوم القيامة, Mazdudin Fairuz Abadi Muhammad bin Ya’qub
  3. Ibnu Katsir, Tafsir Al-Qur'anil Karim, suratul Qiyamah

Tumbu kaluar édit

Surat sateuacanna:
Al Muddatstsir
Surat 75Surat saparantosna:
Al Insan
Al Qur'an

123456789101112131415161718192021222324252627282930313233343536373839404142434445464748495051525354555657585960616263646566676869707172737475767778798081828384858687888990919293949596979899100101102103104105106107108109110111112113114

Kotak ieu: temposawalaédit
🔥 Top keywords: