Wewengkon di Jepang
Wewengkon di Jepang lain satuan administrasi resmi, tapi sacara tradisional dipaké ngabagi wewengkon Jepang keur sababaraha kaperluan. Upamana, peta jeung teksbook géografi ngabagi Jepang kana 8 wewengkon, laporan cuaca ogé ilaharna dumasar kana wewengkon ogé sababarha bisnis jeung institusi maké ngaran wewengkon keur parusahaana saperti (Kinki Nippon Railway, Chugoku Bank, Tohoku University, jst.).
Sedengkeun Pangadilan Tinggi Jepang sanajan aya dalapan, tapi teu pakait jeung wewengkon ieu.
Ti kaler ka kidul, wewengkon tradisional nyaéta:
- Hokkaido (Pulo Hokkaido jeung pulo sabudureunna, kota gedéna Sapporo)
- Wewengkon Tōhoku (Honshu kaler, kota gedéna Sendai)
- Wewengkon Kantō (Honshu wetan, kota gedéna Tokyo jeung Yokohama)
- Wewengkon Chūbu (Honshu tengah, kaasup Gunung Fuji), kadangkala dibagi kana:
- Hokuriku region (Chūbu kaler-kulon)
- Koshin'etsu region (Chūbu kaler wetan, kota gedéna Nagano)
- Tokai region (Chūbu kidul, kota gedéna Nagoya, Hamamatsu, jeung Shizuoka)
- Chukyo region (Chūbu kidul-kulon, kota gedéna Nagoya, Gifu,jeung Yokkaichi)
- Kansai atawa Kinki region (Honshu kulon-tengah, kota gedéna Osaka, Kobe, jeung Kyoto)
- Wewengkon Chūgoku (Honshu kulon, kota gedéna Hiroshima, jeung Okayama)
- Shikoku (pulo, kota gedéna Matsuyama, jeung Takamatsu)
- Kyushu (pulo, kota gedéna Fukuoka) jeung Okinawa
Sababaraha di antara diwangun ku préféktur, iwal ti wewengkon Hokkaido, nu ngan ngawengku Hokkaido.
Tempo oge édit
🔥 Top keywords: TepasHusus:SungsiPerang Dunya IIWikipedia:Bantahan umumHusus:AnyarRobahAgum GumelarWikipedia:Keur lumangsungWikipedia:PitulungWikipedia:NgeunaanPortal:EusiBiantaraHusus:ObrolanKuringSajak SundaWikipédiaGambar:Logo PT Kereta Api Indonesia (Persero) 2020.svgTolombongWikipedia:PanglawunganWawacanNovelWikipédia:Taros kamiAbad ka-2Portal:PanglawunganWartaWikipedia:PangwanohWikipedia:PangunjalanBabad PanjaluWikipedia:SawalaBandung TVJérman NaziSMAS Santo Lukas 1 JakartaSahadat buhunParahuluBobokoGambar:Cepot Wayang.jpgCarita pondokPortal:Keur lumangsungSyahrul Yasin Limpo286Comro